Gula Kawung Khas Cisewu-Garsel September 2020

 Assalamualaikum....

Lawas teu tepang baraya, kumaha daramang? mugia sadaya aya dina sehat wal afiat.

Ditengah Pandemi nu teu acan eureun ieu,ulah balangah urang kedah salawasna ngajagi kasehatan sareng imunitas raga urang.  

Tepang deui sareng gula kawung khas Cisewu. gula kawung nu diproduksi ku para panyadap lahang kawung urang kampung Dangur, Kiaragoong, Cisaninten, jeung kampung sejena nu aya di wewengkon Cisewu. Mangga nu bade ngiringan merjuangkeun produk lokal urang, mangga diantos orderanana.

Kango sasih ieu mah, harga gula kawung di Cisewu teh kaetang awis pisan. Ti saprak nyanghareupan bulan Romadhon taun ieu dugi ka ayeuna teh,kalahka beuki nerekeul. Hal ieu rupina dipangaruhan ku sababaraha faktor, dintarana usum halodo, tangkal kawung can kembangan, oge dipangaruhan ku ayana permintaan produk gula kawung nu diserbukeun nyaeta gula kawung serbuk nu ayeuna nuju booming.

Hal eta ngajantenkeun hargi gula kawung gandu janten naek. Tapi, sok sanajan kitu, kaperluan gula mah moal eureun, sabab salah sahiji kabutuhan sapopoe urang. 

Gula kawung Cisewu mangrupakeun gula nu ngagaduhan ciri khas nu beda ti nu lian. gula kawung Cisewu mah amis kareueut seungit sarta renyah nyeletrok saupama digegel. Gula kawung Cisewu mah moal aya duana👍




Mangga nu peryogi, tiasa pesen di wa 087870097171/081312812828. hatur nuhun.

Yu, urang rojong kamakmuran patani urang!

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Pesawahan di Sekitar Sungai Cilaki

Jalan Pangalengan - Cisewu : Romatic Road

Beras Asli Khas Cisewu-Garut Selatan