Pesawahan di Sekitar Sungai Cilaki

PALATAR



Pasawahan nu aya di sisi walungan cilaki. Di tempat eta, patani geten titen melak pare pikeun nyumponen pangabutuh sapopoe. Mun pareng hejo pare, pasawahan nu palebah nu datarna teh mahpar jiga permadani hejo matak tiis kana tetempoan. kitu deui sawah nu dina lamping, endah beres rapih ngajajar ka handap jiga tangga, kotakan-kotakan nu dijieun sambarangan teh jadi katempo endah mun keur kitu. Ku waraas mun nguping atanapi nyawang PALATAR ....

Inget basa keur leutik mun pareng panen....rame ngarit pare, ngakutan, terus digebug. Patani sarumanget gawe bungah bakal beubeunangan hasil tina tatanena....Alhamdulillah....

Ari kuring mah nu resep teh pas daharna we heheheh.....ngariung bau leutak jeung kesang, nyocolan samel tarasi ku lalab atah jeung asin layang nu meunang ngagoreng.....meni ni'mat nyocolan jalantahna ge ihihihihi.....



Ari nu saregut mah ema jeung bapa we.....banga boga kolot getol gawe jeung rapekan...majar teh tani adalah hidupku! cenah. Da nepi ka kolot ge paranti ulina teh ngan ka sawah we teu kabitaeun jalan-jalan sukan sukan ka kota. Naon jig ka kota mah loba kebul mobil, pabrik, rengheng cenah. Teu jiga ka sawah matak genah pikir tiis ceuli herang panon.....Indit rebun-rebun kakara balik mun layung geus medal.....

Ganti baju barutut tur bau leutak, ngaganong bekel jeung salin, ema indit jeung bapa bari mangul pacul tur noren bedog. dilengkepan ku topi karuleuheu jeung senal capit tapi mindengna mah nya cap kaki we alias nyeker nu balukarna sampean kuat ka hade bentukna hahaha....ka sawah mah da rek kokotoran, teu kudu make pakean alus jeung ginding,sukup nu basajan wae....

PALATAR endah ku di sisi walungan Cilaki nu ngarupakeun batas jeung Cianjur. Mun keur tengah poe ereng-erengan, katingan ti luhur pasir mah meni pating gurilap cai walungan teh, lir ibarat inten berlian nu mapaes pasawahan nu hejo ngemploh.....

                                                                                                                                         (nyambung...)





Komentar

Postingan populer dari blog ini

Jalan Pangalengan - Cisewu : Romatic Road

Beras Asli Khas Cisewu-Garut Selatan