Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2015

Jalan Pangalengan - Cisewu : Romatic Road

Gambar
Jalan Romatis Antara Pangalengan - Cisewu Saupami urang nganggo ieu jalan, pasti bakal ngaraos resep kumargi pamandangan sareng luak leok jalana endah tur romatis. Jalan nu lemek aspal meulit luar leor mapay lamping pasir kebon enteh nu hejo ngemploh dibarengan ku hawa tiis nyecep. Mun pareng turun halimun alias kabut mah beuki tiris we salian kaayaan jadi poek oge. Tapi sok sanajan kitu teu ngurangan kana kaendahanana. Mun pareng nyalse perjalanana, sok ngahaja eureun heula keur motoan alam nu endah ieu atawa ngaso bari menikmati alam gunung endah tur seger keneh.

Pesawahan di Sekitar Sungai Cilaki

Gambar
PALATAR Pasawahan nu aya di sisi walungan cilaki. Di tempat eta, patani geten titen melak pare pikeun nyumponen pangabutuh sapopoe. Mun pareng hejo pare, pasawahan nu palebah nu datarna teh mahpar jiga permadani hejo matak tiis kana tetempoan. kitu deui sawah nu dina lamping, endah beres rapih ngajajar ka handap jiga tangga, kotakan-kotakan nu dijieun sambarangan teh jadi katempo endah mun keur kitu. Ku waraas mun nguping atanapi nyawang PALATAR .... Inget basa keur leutik mun pareng panen....rame ngarit pare, ngakutan, terus digebug. Patani sarumanget gawe bungah bakal beubeunangan hasil tina tatanena....Alhamdulillah.... Ari kuring mah nu resep teh pas daharna we heheheh.....ngariung bau leutak jeung kesang, nyocolan samel tarasi ku lalab atah jeung asin layang nu meunang ngagoreng.....meni ni'mat nyocolan jalantahna ge ihihihihi..... Ari nu saregut mah ema jeung bapa we.....banga boga kolot getol gawe jeung rapekan...majar teh tani adalah hidupku! cenah. Da nepi