Jalan Pangalengan - Cisewu : Romatic Road

Jalan Romatis Antara Pangalengan - Cisewu Saupami urang nganggo ieu jalan, pasti bakal ngaraos resep kumargi pamandangan sareng luak leok jalana endah tur romatis. Jalan nu lemek aspal meulit luar leor mapay lamping pasir kebon enteh nu hejo ngemploh dibarengan ku hawa tiis nyecep. Mun pareng turun halimun alias kabut mah beuki tiris we salian kaayaan jadi poek oge. Tapi sok sanajan kitu teu ngurangan kana kaendahanana. Mun pareng nyalse perjalanana, sok ngahaja eureun heula keur motoan alam nu endah ieu atawa ngaso bari menikmati alam gunung endah tur seger keneh.